Senin, 08 Februari 2010

Wiwirang dina Catang

Omong kolot basa kuring rek peureum dina amben...Jang, sing inget yen ilaing teh hirup ngan saukur ngumbara, teu aya lain ngan ukur nyiaran pibekeleun keur hirup jaga. Sing inget kanu kawasa, ngarah hirup jadi bagja. Ulah poho yen hirup teh kudu di pinuhan ku ibadah, ulah dipinuhan ku salah polah. Cing geura mancat, moal aya kabagja lamun sorangan teu usaha. Moal aya surga lamun sorangan heuteu muru kadinya. Sing inget jang, apanan lamun hayang boga peurah kudu daek peurih. Atuh da kumaha arek boga pangabisana lamun ilaing ngan ukur cindekul ngahareupan hawu unggal isuk.


Duh...jang...boa jaga urang teu panggih, teu kumpul kusabab loba dosa, saha anu bakal ngduakeun bapa jeung ema iwal ti ilaing. Tong serab ku lobana dunya. Sing pasrah kanu kawasa. Tegeskeun tujuan hirupna, naha urang hirup keur ngudag dunya atawa aherat? Nu puguh mah, lamun urang ngudag aherat, urang bakal meunang dunya. Tapi lamun urang ngan ukur ngudag dunya, urang moal meunang aherat. Pan aya paribasana, lamun urang melak pare pasti bakal loba jukut, tapi lamun urang melak jukut moal aya anu jadi pare. Ayeuna, mana anu rek ku urang diudag? dunya atanapi aherat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar