Rabu, 10 Februari 2010

PLTU jeung PLTA

Carpon DHIPA GALUH PURBA

KRISIS listrik, nepi ka di Jakarta waé kapaksa kudu giliran dipareuman. Kumaha ari di Cigorowék? Geus aya kana samingguna di Cigorowék mah harénghéng. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron datang ka imahna, bet tuluy  ngelepek kapiuhan. Tapi kadé, ieu mah lain pédah Si Buruy anu nyeungeut pepetasan di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Mélon anu sok pangangguran meuleum céngék dina tapas. Éstuning taya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhém ogé, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara téa. Demi ngabéla salaki, Nini Uhém teu maliré kana poékna peuting. Ngingkig baé bari mamawa oncor, bubuhan harita di Cigorowék keur kabagéan pareum listrik.
            Aki Juhron kakara éling wanci subuh. Éta ogé lain pédah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Aki Juhron mah élingna ogé ukur nyelang ngalaksanakeun solat Subuh. Geus bérés solat mah kapiuhanna dituluykeun deui. Éling-élingna téh basa waktu adan lohor kari lima menit deui. Atuh harita mah langsung baé ditalék ku Nini Uhém. Aki Juhron ogé teu hésé, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran manéhna kapiuhan. Ari masalahna téh nyaéta: Aki Juhron ngarasa reuwas tur antukna prustasi, ku lantaran ucing kadeudeuhna leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
            “Ucing-ucing baé dipikiran Si Aki mah! Kajeun teuing sing modar ogé atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen lauk dina méja,” Nini Uhém jejebris.         
            “Na iraha Si Méla maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Méla mah, béda pisan jeung ucing-ucing séjén. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,”
            “Enyaaa, ari geus leungit rék kumaha? Rék laporan ka pulisi? Atawa rék tahlil?”
            “Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana haté didieu téh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Méla téh. Unggal peuting ogé apan sok dikeukeupan lamun sare téh. Nikmaaat pisan saré jeung Si Méla mah, teu cara jeung…”
            “Teu cara jeung saha siah? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Teu sopan pisan siah! Punten, lain lépel!” Nini Uhém rada nyentak.
            “Geus atuh ninina, ulah ngajak paséa baé. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh…”

Selasa, 09 Februari 2010

Kawih Sunda

Kawih sunda anu tiasa didownload. Duh mani waas, asa di lembur.
1. Hariring nu kungsi nyanding             Kawih
2. Kembang Tanjung                          Kawih

Senin, 08 Februari 2010

Beuleum Oncom

Kahirupan Si emed memang perlu di pikiran. Dina nagara anu ceunah melak tongkat jadi tangkal, anu ceunah kaya sumber daya alam na, anu ceunah mentingkeun ka rakyat, masih keneh aya rakyat anu katalangsara kawas si Emed. Meureun geus takdir aing (gerentes hate si Emed). Nya dipikiran mah matak stress kahirupanana. Dahar isu can tangtu sore, dahar ayeuna can tangtu isuk dahar. Mana emana geuring deui. Pokona mah komplit.

Wiwirang dina Catang

Omong kolot basa kuring rek peureum dina amben...Jang, sing inget yen ilaing teh hirup ngan saukur ngumbara, teu aya lain ngan ukur nyiaran pibekeleun keur hirup jaga. Sing inget kanu kawasa, ngarah hirup jadi bagja. Ulah poho yen hirup teh kudu di pinuhan ku ibadah, ulah dipinuhan ku salah polah. Cing geura mancat, moal aya kabagja lamun sorangan teu usaha. Moal aya surga lamun sorangan heuteu muru kadinya. Sing inget jang, apanan lamun hayang boga peurah kudu daek peurih. Atuh da kumaha arek boga pangabisana lamun ilaing ngan ukur cindekul ngahareupan hawu unggal isuk.

Jumat, 05 Februari 2010

Hariring Nu Keur Kasanding......an

Basa anu biasa dipake ngahariring ku nu kasandingan...
1. Aduuuuh.....panaaaaaaas......
2. Hayang Kuuuupiiiiii jeung panggang hayaaaam.
3. Aing mbah kemod anu cicing di dieu.........
4. Awas siah, ku ngaing di kenyot......
5. Hiji tambah hiji sami sareng dua...................tilu, opat, lima, genep, tujuh.
6. Heuuheuuuh...

Sok lah...anu pernah kasandingan, tulis bae ku sorangan. He..hee..

Tes

Kusabab geus loba buktina yen urang sunda teh geus loba anu poho kana basana sorangan. Duka teuing jaga mah basa urang teh leungit meurun. Atuh da boro-boro barudak ayeuna anu masih seger keneh, da uing geh geus teu paruguh basa sundana teh. Mana anu lemes, mana anu kasar. Nyampur aduk kawas gado-gado. Mending gado-gado mah bisa didahar. Ieu mah basa. Nya...pokona mah, ieu blog teh keur anu hayang ngalestarikeun basa sunda lah....wasalam